Ngaran-Ngaran Waktu Dina Sapoé Sapeuting Dumasar Kana Kajadian Alam
No
|
Wanci
|
Kira-kira Tabuh
|
Katerangan
|
1
|
Wanci
tumorék
|
00.30
|
wanci
keur meujeuhna saré tibra
|
2
|
Wanci
janari sapi
|
01.00
|
|
3
|
Wanci
janari leutik
|
01.30
|
wanci
liwat tengah peuting
|
4
|
Wanci
janari gedé
|
02.00
|
|
5
|
Wanci
disada rorongkéng
|
02.30
|
wanci disada kongkorongok hayam sakali
|
6
|
Wanci
haliwawar
|
03.00-03.30
|
wanci
disada kongkorongok hayam dua kali
|
7
|
Wanci
janari
|
04.00
|
8
Wanci
balébat
05.00
udat-udat
beulah wétan dina waktu rék pajar
9
Wanci
carancang tihang
05.30
wanci
liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh
10
Wanci
murag ciibun/meleték sarangéngé
07.00
wanci
mimiti témbong panonpoé, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti murag
11
Wanci haneut moyan/laér kanjut nya
08.00
wanci
keur sedeng dipaké moyan
12
Wanci
rumangsang
09.00
wanci sabada haneut moyan panonpoé mimiti karasa panas
13
Wanci
pecat sawed
10.00-11.00
(munding
nu dipaké magawé dilaanan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik
wuluku/garu), di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana
tiis tabuh 11.00
14
Wanci
manceran/tengah poé
12.00
panonpoé
aya di luhureun embun-embunan; panonpoé keur meujeuhna mancer
15
Wanci
lingsir ngulon
14.00
wanci panonpoé ngésér ka kulon
16
Wanci
panonpoé satungtung
15.00
waktu
panonpoé satungtung
17
Wanci
tunggang gunung
16.00-17.00
waktu
panonpoé geus rék surup ayana dina luhureun gunung
18
Wanci
sariak layung
17.00-18.00
wanci
layung di langit katénjo beureum
19
Wanci
érang-érang
17.30-18.00
waktu
panonpoé rék surup
20
Wanci
sareupna/harieum beungeut
18.00-18.30
waktu geus mimiti reup poék
21
Wanci
sareureuh gaang
19.00
waktu
gaang eureun disada
22
Wanci
sareureuh budak
21.00
waktu barudak leutik geus mimiti saré
23
Wanci
sareureuh kolot
22.00
waktu
kolot mangsana reureuh
24
Wanci
tengah peuting
24.00
No comments :
Post a Comment
Apabila ada komentar, pertanyaan, maupun tanggapan silahkan kirimkan komentar disini sesuai dengan postingan ini. Jika terdapat isi komentar yang tidak pantas sesuai dengan etika dalam berkomentar di blog, maka komentar tidak akan dipublis. Pertanyaan dan tanggapan akan segera dibalas.