Sesebutan Wanci dina Basa Sunda

Ngaran-Ngaran Waktu Dina Sapoé Sapeuting Dumasar Kana Kajadian Alam









No
Wanci
Kira-kira Tabuh
Katerangan
1
Wanci tumorék
00.30
wanci keur meujeuhna saré tibra
2
Wanci janari sapi
01.00

3
Wanci janari leutik
01.30
wanci liwat tengah peuting
4
Wanci janari gedé
02.00

5
Wanci disada rorongkéng
02.30
wanci disada kongkorongok hayam sakali
6
Wanci haliwawar
03.00-03.30
wanci disada kongkorongok hayam dua kali
7
Wanci janari
04.00

8
Wanci balébat
05.00
udat-udat beulah wétan dina waktu rék pajar
9
Wanci carancang tihang
05.30
wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh
10
Wanci murag ciibun/meleték sarangéngé
07.00
wanci mimiti témbong panonpoé, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti murag
11
Wanci haneut moyan/laér kanjut nya
08.00
wanci keur sedeng dipaké moyan
12
Wanci rumangsang
09.00
wanci sabada haneut moyan panonpoé mimiti karasa panas
13
Wanci pecat sawed
10.00-11.00
(munding nu dipaké magawé dilaanan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik wuluku/garu), di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana tiis tabuh 11.00
14
Wanci manceran/tengah poé
12.00
panonpoé aya di luhureun embun-embunan; panonpoé keur meujeuhna mancer
15
Wanci lingsir ngulon
14.00
wanci panonpoé ngésér ka kulon
16
Wanci panonpoé satungtung
15.00
waktu panonpoé satungtung
17
Wanci tunggang gunung
16.00-17.00
waktu panonpoé geus rék surup ayana dina luhureun gunung
18
Wanci sariak layung
17.00-18.00
wanci layung di langit katénjo beureum
19
Wanci érang-érang
17.30-18.00
waktu panonpoé rék surup
20
Wanci sareupna/harieum beungeut
18.00-18.30
waktu geus mimiti reup poék
21
Wanci sareureuh gaang
19.00
waktu gaang eureun disada
22
Wanci sareureuh budak
21.00
waktu barudak leutik geus mimiti saré
23
Wanci sareureuh kolot
22.00
waktu kolot mangsana reureuh
24
Wanci tengah peuting
24.00



 
Ditulis oleh: Wahyu Dwi Lesmono DSMLMD Blog Diposting pukul: 2:56:00 pm

No comments :

Post a Comment

Apabila ada komentar, pertanyaan, maupun tanggapan silahkan kirimkan komentar disini sesuai dengan postingan ini. Jika terdapat isi komentar yang tidak pantas sesuai dengan etika dalam berkomentar di blog, maka komentar tidak akan dipublis. Pertanyaan dan tanggapan akan segera dibalas.